Nu Cinekul Dina Tunggul
Geus kajadian deui bae nu cilaka lebah Sasak Cihonje teh. Peuting tadi cenah Si Pandi jeung Si Jana, baroncengan kana motor, gedebut labuh. Duanana kapaksa kudu dibawa ka rumah sakit da taratu. Meujeuhna, tibeubeut satakerna. Untung kitu ge teu nepi ka tiwas. Geus moal boa nu ngalantarankeun cilakana teh bongan borangan. Enya, borangan ngaliwat ka lebah dinya da geus meh dua bulan urang Lembur Cihaur ibur, cenah lebah Sasak Cihonje teh sok aya jurig nu cinekul dina tunggul. Teuing tunggul tangkal nanahaon. Nu sidik perenahna deukeut sasak lebah Walungan Cihonje.
Demi eta sasak teh ayana di jalan antara lembur Cihaur jeung Cidadap. Padahal teu jauh ti lembur, boh ti Cihaur boh ti Cidadap, malah kaasup jalan hirup sapoe sapeuting. Tapi jelema teh pada-pada sieun ngaliwat ka lebah dinya, pangpangna ti peuting.
Iburna beja sok aya dedemit nu cinekul dina tunggul teh satutasna aya kajadian nu matak ngageunjleungkeun, lain bae keur urang Cihaur jeung Cidadap, malah nerekab ka mana-mana da apan disiarkeun dina tipi jeung koran, boh lokal boh nasional.
Enya, dua bulan ka tukang, urang Cihaur genjlong dumeh di Walungan Cihonje, handapeun sasak kapanggih aya layon awewe. Pakeanana rangsak, awakna raca balas nublesan ku peso. Mang Toyib nu mimiti manggihan teh. Harita, manehna teu tahan hayang setor. Turun tuturubun ka lebak. Manehna kacida reuwasna barang nenjo aya layon awewe kira umur duapuluh lima taunan. Eta awewe teh lain urang dinya, tapi urang lembur jauh. Tayohna dipiceun ku nu mergasana ka Walungan Cihonje keur miceun salasah. Orokaya lalawora, dipiceun kitu bae da meureun rusuh.
Kadieunakeun, sanggeus pulisi nalungtik saha-sahana eta awewe jeung saterusna rame diwartakeun dina rupaning media, kapanggih weh jati diri eta awewe nyaeta pembantu rumah tangga. Demi nu boga talajak durjanana anak dununganana. Si pembantu teh diheureuyan ku anak lalaki dununganana nepi ka rahimna aya eusian. Dumuk kitu, si pembantu menta tanjakan, hayang dikawin.
Orokaya si kasep cunihin teh batan daek tanggung jawab mah kalah malik nyegag.
"Moal enya aing kudu kawin jeung pembantu!"
"Heueuh naha atuh ngaheureuyan?"
"Ah...da bonganna!"
Cindekna mah si jalu nu teu daek tanggung jawab teh kekepehan. Si pembantu keukeuh menta tanjakan hayang dikawin da meureun lamun colenak teu dikalapaan mah matak wirang di kolong catang.
"Lamun aing teu tanggung jawab?" ceuk si lalaki teu euleum-euleum, estu taya rasrasan.
"Ah bejakeun we ka kolot di dinya atawa dilaporkeun ka pulisi," tembal si pembantu teuneung. Tuman, kudu diwarah. Ceuk pikirna.
Nya ti dinya si budak lalaki teh ngayakeun tindakan. Manehna api-api leah tur jangji rek ngawin. Harita keneh ngajakan nepungan kolot si pembantu rek nanyaan. Tarumpak mobil. Di satengahing jalan, si pembantu dipergasa nepi ka tiwasna, terus layonna dikunclungkeun ka Cihonje.
Gujrud weh urang Cihaur jeung Cidadap teh. Mimitina ukur ngaromongkeun nyeceleh kalakuan lalaki nu teu daek tanggung jawab, malah kalah dipergasa estu taya prikamanusaan pisan.
"Meujeuhna dihukum gantung ge," ceuk nu nyarita.
"Nya heueuh. Memeh digantung, si ontohodna peuncit kuriling sing nepi ka sapat!"
"Karunya ka awewena kami mah kudu nyorang nanasiban nepi ka kitu!"
"Salah sorangan bet daek dikoromeoh!"
"Taksiran lain dikoromeoh, pada-pada suka. Buktina pondok jadi orok panjang jadi budak tah!"
Ger sareuri.
Rame we pokona mah nu nyarita teh. Na atuh teu kungsi lila wangkongan teh jadi ngageser kana bab gerengna Sasak Cihonje. Cenah aya nu ngawenehankeun sok aya nu cinekul dina tunggul, terus kadenge ceurik ngawiwiw bangun kanyenyerian. Tah beja nu ieu mah jadi beuki harus alahbatan goong. Temahna kacida mangaruhan balarea. Enya, siga Si Pandi jeung Si Jana anu labuh tina motor bakating sieun ngaliwat ka Sasak Cihonje.
Minggu tukang Mang Parta jeung Bi Piah, tas nempo nu gering ti Cidadap, kapoekan. Padahal harita teh can peuting-peuting teuing, kitu lah kira saparapat jam deui ka adan Isa. Bi Piah labuh tikedewet kana samping nu dipake laka-leke. Nyaeta kalah lalumpat basa nyorang Sasak Cihonje teh da cenah sidik aya nu cinekul dina tunggul.
"Sidik aya nu cinekul," ceuk Mang Parta.
Nya teu majar kumaha ari kitu bejana mah balarea wuwuh beuki yakin. Temahna nya loba nu cilaka ku polah sorangan. Pajah teh moal neangan jurig nu can karuhan, sidik nu sok cinekul dina tunggul teh arwah awewe pembantu tea.
Kitu omongan balarea. Anging jalma nu imanna wedel, anu teu gampang kapangaruhan ku beja nu ukur ceuk jeung cenah. Siga RW Adun, manehna mah teu percaya kitu bae kana omongan jelema, masing Mang Parta di hareupeunana kungsi susumpahan cenah teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata sidik aya nu cinekul, siga awewe, buukna ngarumbay.
"Naha atuh lain ditanya?" ceuk RW Adun.
"Naaa...ari RW, kumaha mun ngerekeb. Boro-boro hayang nanya, sidik sieun mana lumpat ge. Bi Piah nepi ka labuh tikedewet kana samping nu ngaleke," tembal Mang Parta bari buluham-belehem.
Lian ti RW jeung nu nyaho kana bag-bagan agama, Si Sarwati deuih nu teu kapangaruhan ku beja pikasieuneun kitu teh. Enya, Si Sarwati, awewe gelo anu saenyana matak pikawatireun. Umurna sapantaran sigana mah jeung awewe nu tiwas tea. Nasibna oge sarua, dinyenyeri ku lalaki. Bedana, Si Sarwati mah kanyenyerian dumeh harita geus sapuk rek ka bale nyungcung, beber layar tarik jangkar rek laki-rabi. Kolotna geus cakah-cikih sasadiaan rek ngawinkeun, na atuh pisaminggueun deui rek kawin aya awewe ngangais budak ngontrog. Cenah manehna teh pamajikan pisalakieun Sarwati anu ngakuna mah bujang keneh. Atuh puguh we Si Sarwati ngajenghok, saterusna kagegeringan, nepi ka gelona. Malah kolotna nepi ka hanteuna pisan, kaleleban ku nasib anak. Sarwati gawena langlang-lingling, sarena di mana wae, tapi barangdaharna mah sok pada merean ku dulur barayana jeung nu haat. Mun keur jadi sok jejeritan, laju ceurik ngadingdiut, geus kitu iirihilan. Hadena tara ganggu, anging lamun pada ngaheureuyan sok maledog.
Ku kajadian aya layon awewe tea, Si Sarwati mah teu nyaho-nyaho. Enya teu kapangaruhan. Ngaranna ge nu teu jejeg ingetan. Mun walagri mah sarua bae jeung balarea.
Ku mindengna kajadian nu carilaka lebah Sasak Cihonje, RW Adun kageuing atina keur nengtremkeun warga sangkan ulah percaya kana ayana beja nu can pasti. Najan enya Mang Parta geus yakin ningali aya nu cinekul dina tunggul, boa eta mah ukur tetenjoan.
Tapi keukeuh jelema teh leuwih pecaya kana omongan Mang Parta batan RW. Atuh saged RW Adun hayang ngabuktikeun sorangan boa naon anu dicaritakeun ku Mang Parta teh bener, najan dina hate leutikna mah cangcaya.
"Aya proyek, rek ngilu?" ceuk RW Adun ka Hansip Odoy jeung Hansip Ukat.
"Jih, puguh we arek mah," tembal Hansip Odoy gasik, da proyek-proyek kitu mah pasti piduiteun atuh.
"Proyek naon Pa RW? Hayu, asal puguh ieuna we." Giliran Hansip Ukat nu nembalan. Kituna teh bari ngadukeun jempol jeung curukna.
"Proyek newak jurig nu sok cinekul dina tunggul Sasak Cihonje!" RW Adun ngajentrekeun.
Nu duaan ngembang kadu, laju silih pelong.
"Ngilu hayu, moal oge kudu ngilu. Lamun henteu saragam hansip kudu diudaran!" ceuk RW Adun, neukteuk anggeus.
Teu majar kumaha antukna nu duaan nurut da lebar ngecagkeun kalungguhan hansip mah.
Peuting eta hawa kacida tirisna da sorena tas turun hujan. Langit caang meueusan da bulan geus nembongan najan ukur sapotong. Nu tiluan tingkulunu muru Sasak Cihonje ninggalkeun Lembur Cihaur. Ti jauhna kadenge anjing babaung, nyengkatkeun bulu punduk Hansip Odoy jeung Ukat.
RW Adun leumpangna ti hareup, demi nu duaan pagegeye siga jeung kabogoh, ramo-ramona pacantel pageuh, sieun papisah. Bulu pundukna karasa tingsariak, bujur ngompod, kesang badag kesang lembut kalaluar.
Anjog ka lebah Sasak Cihonje, nu tiluan mimiti ngeteyep.
"Ssssst...!" RW Adun mere tangara sangkan eureun. Gebeg, remeng-remeng katara dina tunggul tetela aya nu cinekul, siga awewe da buukna ngarumbay panjang. Disingray-singray, laju disaliksik.
"Hihihihi...," cikikik seuri.
Ngadenge kitu, Hansip Odoy jeung Ukat ngagabrug awak RW Adun bari jajantungna ratug kacida.
"We, hayu balik!" harewos Ukat.
Jurungkunung nu cinekul hudang. Gek deui diuk, cikikik seuri deui matak sawan nu keur ngintip.
RW Adun ngageubigkeun awak nu duaan. Keteyep ngadeukeutan nu cinekul. Teu antaparah, kerewek ditewak.
"Hihihihi...ampun Aa! Ampuuun....!" Si Sarwati ngagerewek ampun-ampunan. (*)
Fendy Sy. Citrawarga