Melak Cabe, Nu Jadi Kalah Bonteng
"Nyi, kumaha upami nikah urang tunda heula, sausum mah?" Markum ngalieuk ka Mimin. Jongjon ngarabutan jukut teki. Leos Markum ninggalkeun jarami nu ngabebela. Nyampeurkeun Mimin.
"Maksadna kumaha, Kang? Mimin asa teu ngartos?" Tanggah ka Markum.
"Kieu Nyi, artosna ku Akang bade diangge modal melak cabe, meungpeung pangaosna lumayan."
Mimin nyaluyuan. "Teu langkung, asal ulah janten bonteng we."
Tatanen ngemploh hejo. Matak betah nempo. Markum maheutkeun poe kawin. Kulawarga Mimin sasadiaan. Sagala diayakeun. Kitu pamèntana Markum.
Duit geus beak melas juta. Cabe teu kaobat. Kaserang hama hileud. Kapaksa nganjuk ka Juragan Dana.
Isuk keneh Markum ngagidig ka kebon. Cabe sanggeus diobat kamari kabeh paeh. Asa ditujah badak.
Markum ngembang kadu. Nyawang pasawahan hejo lembok.
Reg motor eureun. "Mar, ieu katitipan uleman. Sareng ieu!" Song ondangan jeung surat. Gap, ditampanan. Berewek...! Ceg surat dibaca. "Kang, Mimin dijodokeun ka Juragan Dana. Hapunten nya." Ret kana ondangan. Kapireng poto Mimin ngembang cengek.
Markum jadi ngembang bawang. (*)
Kang Bibih