Momonyetan
Tamba kesel bari nungguan domba angonanana di tegal, Encu, Usup, Idan, Otik, jeung Emen dariuk dina handapeun tangkal limus.
"Naha euy mani asa tariiseun teuing?" cek Encu ka batur-baturna. Jeung caricing teu puguh mah mending urang nyieun kaulinan!"
"Heeh, meungpeung angonan aranteng deuih, nya?" tembal Usup. "Urang nanaonan atuh?"
"Urang momonyetan bae geura, ambeh meres tanaga, babari juuh ku kesang, sehat kana awak!" ceuk Encu.
"Ah embung momonyetan mah," tembal Emen nu awakna pangleutikna.
"Sieun dirangsangan, pareurih beungeut, baju saroeh. Jaba urut minggu tukang oge digegel puhu ceuli, karasa keneh, mani asa kumaha mah!"
"Kumaha ragemna bae uing mah, rek naon, rek naon oge, miluan!" cek Otik.
"Enggeus lah momonyetan mending ge, resep!" cek Idan jeung Usup meh bareng.
Kulantaran Emen eleh sora, usulna teu ditarima. Kapaksa amum kana kahayang nu rea.
"Sok saha nu sanggup jadi monyet pangheulana?" cek Encu, ngokolotan. Nu sejen ngabaretem ari ditanya kitu mah.
"Maneh bae Otik nu pangheulana, nya? Kudu daek da engke pada kagiliran!" cek Encu.
"Jadi lah, asal ulah tarik teuing bae ngagelang ceulina, nyeri! Jeung ngagerona kira-kira deuih, bisi uing katorekan, tuluy torek!"
"Piraku teu jeung kira-kira atuh uing oge," cek Encu. "Sok ka dieu!"
Otik nyampeurkeun ka deukeut Encu, tuluy dirariung pada ngusapan leungeunna kenca-katuhu. Ceulina pada ngagelang bari bareng diparancahan. Raeng!
Nyutnyet, nyutnyet si monyet kamalole
ngahakan buah kisole
itu tiwu ieu cau
pibekeleun luluncatan
luluncatan na kiara
kiara tujuh ngajajar
lusles lusles
si monyet pohona
poho ka babaturanana...
Si monyet panonna rada peureum. Tuluy diparancahan deui bari leungeunna diparencetan.
Leng, leng monyet rada katuralengan. Goledag ngagoledag. Gurinjal ngagurinjal. Blug nangkuban, terus rada nyuuh.
"Waaaw!" Encu ngagorowok tarik pisan ditompokeun kana ceuli monyet. Berebet Encu lumpat, ngejat ngajauhan monyet, cara batur-baturna anu geus ngarejat leuwih ti heula.
Korejat monyet hudang, dalugdag-daligdeug panonna beureum, buringas. Luak-lieuk, berebet lumpat tarik pisan ngudag-ngudag musuhna, bari siga satengah teu eling. Kerewek Idan katewak. Kek ditangkeup. Gurinjal-gurinjal Idan nerejel ngalesotkeun maneh tina tangkeupan monyet, anu geus mimiti pakupis nyakaran dibarung jeung cekrah-cekroh sagala rupa.
Idan kadengkek pisan awakna, gebut dibeubeutkeun.
"Aduh...!" cenah. Kerewek ditewak deui awakna disedekkeun kana gawir, rek digegel, teu bisa walakaya.
"Euy tulungan, euy! Monyet ngamuk euy, bahaya yeuh!" Idan aduregeng teu kuat nahan hompetan monyet.
Gorowok bae kokolot teh ngageroan, bari rek nulungan Idan.
"Otik! Otik! Otik! Euy maneh teh lain monyet!"
Kulapes bae monyet teh ngulapes, leuleus ngalesotkeun mamangsana. Gek diuk, bluk nyuuh. Gek diuk deui bari gigisik. Bray, bray, nyah panonna rada beunta, bengras. Cageur jadi monyetna sarta diganti ku Idan, cara tadi diusapan seug diparancahan tea. (*)
Akub Sumarna