Ngawayang Teu Direbaban (Bagian 1)
Kulit aing pait, tulang kula pahang, sabab kula turunan Raksabuana." Atim ngagerendeng, mencrong monyet nu nyangereng. Bari nyarita kitu, manehna ngebut-ngebut iketna kawas nu ngebutan rametuk.
Galih jeung Yuda mesem, neuteup Atim nu leumpangna nyereg, ka gigir. Nu diteuteup, mencrong monyet nu runyah-renyoh. Ceuk Yuda jeung Galih mah naon pikasieuneunana, ukur monyet.
Monyet ngagalacang, ngajauhan. Luncat kana dahan jajaway nu leuwih luhur. "Duh, ampir-ampiran," pokna.
Geus rada anggang ti eta tempat, Atim ngarandeg. Menerkeun iketna.
"Nyarita naon tadi teh, Tim?" ceuk Galih ka Atim.
Nu ditanya teu nembalan. Lain teu kadengeeun, da tarik nanyana ge. Tong boro ku Atim, dalah ku Yuda ge, nu mandeurikeun maneh, jentre naker.
"Ngomong naon Atim teh?"
Nu ditanya angger ngabugeug. Manehna noyod ka lebak. Yuda jeung Galih nuturkeun. Sanggeus rada jauh ti tempat monyet tea, Atim ngendoran leumpangna. Tapi, bangun nu teu jongjon. Lieuk deui, lieuk deui ka tukang, bangun hariwang.
"Uuuh, untung we kaburu inget kana papatah aki," ceuk Atim.
Tah, pangalaman saperti kitu sawatara taun ka tukang nu ngalantarankeun Galih jeung Yuda daratang deui ka lembur Atim.
Bareto mah, waktu Atim mapatkeun parancah, ukur ngageuhgeuykeun. Ari ayeuna, teu kitu. Kapercayaan masarakat kana dongeng karuhunna boga harti mandiri nu tumali jeung kahirupan masarakat eta lembur. Kitu ceuk pikir Galih. Ku lantaran kitu, basa geus waktuna nyieun skripsi, pangalaman jeung Atim jadi inspirasi keur bahan skripsi.
Kajadian saperti kitu, kaalaman deui. Ngan, kawasna monyet nu ayeuna mah lain monyet nu ti heula. Beda buluna, nu ti heula mah aya bodasan dina tonggongna.
"Duh, untung we teu ngarontok," ceuk Atim bari meubeutkeun maneh kana bangku di warung bajigur. Yuda jeung Galih ukur silireret. Nyeh seuri.
Eta warung, tungtung lembur memeh jalan nyorang leuweung nu cikeneh kaliwatan. Ramena warung ari poe-poe pere, lantaran beh ditueun Gunung Aseupan aya cai panas nu ngalir ka susukan. Eta tempat can karopea ku Dinas Pariwisata. Jalanna can kaurus, kakara jalan satapak nu dibabatu.
"Ti marana kulan?" ceuk Mang Unab, tukang bajigur.
"Ti ditu ,ti Kawung Nunggal,"
"Uluh tebih geuning."
"Muhun, mung da jalanna motong kana jalan satapak."
"Geuning wantunan?" pokna semu heran.
"Ah, bubuhan we aya rencang, Mang. Upami nyalira mah kajeun nguriling," ceuk Atim.
Ti Warung bajigur ka lembur Peuntas moal kurang ti tujuh kilo. Mun motong mah ukur kira-kira satengahna. Ngan, nya kitu, kudu nyorang jalan satapak bari nanjak mudun mah, arang nu wani. Katurug-turug deuih, masih keneh loba sato galak. Kitu, ceuk beja nu sumebar ka balarea!
"Teu pependakan di jalanna?" ceuk tukang bajigur.
"Pependakan naon, Mang?"
"Teu dipegat monyet?" ceuk nu nanya.
"Puguh kitu pisan Mang!"
"Untung atuh teu direweg," pokna.
Tukang bajigur cacarita, bulan kamari aya nu diudag monyet. Najan, teu parna, ukur dikorowot pundukna, tapi ahirna mah gering parna, nepi ka hanteuna. Kitu ceuk beja nu sumebar di masarakat sabudeureun eta tempat.
Jalan norobos, ukur disorang ti beurang wungkul, kitu ge kakapeungan. Waranieun soteh upama loba batur, da mun sorangan mah jarang nu ludeung. Kungsi, cenah, aya urang Walanda nu ngahaja nyoba-nyoba jalan ka dinya. Tapi, ari geus nepi ka tungtung lembur bru labuh kapiuhan. Atuh, beja sangetna leuweung beuki nerekab. Sapok-pokeun Galih nanyakeun kekecapan Atim waktu papanggih jeung monyet tea. Ngan teu laju lantaran Mang Unab, tukang bajigur nyampeurkeun.
"Bade bajigurna?"
"Muhun," ceuk Yuda.
"Tiluanana bajigur?"
"Abdi mah bandrek we," ceuk Atim.
Atim, Yuda, jeung Galih mondok sapeuting di lembur Kawung Nunggal. Inditna mah kamari kana sado. Nguriling. Balikna, Galih maksa Atim jalan norobos. Panasaran, hayang ngalaman deui nu kungsi kaalaman sawatara taun ka tukang tea. Diajak sobatna kitu, Atim teu bisa majar kumaha. Najan, bangun sungkan teu burung nurut.
"Seueur nu kawenehan. Matak, arang pisan nu wantun ngalangkung ka lebah dinya mah," ceuk tatangga Haji Hudori. Galih jeung Yuda tas ti masjid Isa kamari.
Kusabab panasaran, najan Atim mugen ge Galih jeung Yuda maksa hayang jalan ka lebah dinya. Ukur hayang ngabuktikeun beja. Ulah ukur ngadenge tina dongeng wungkul. Yuda jeng Galih teu pati percayaeun kana carita-carita aheng ti urang lembur, kaasup dongeng Atim, Mang Unab, jeung tatangga Haji Hudori. Komo deui Yuda mah, teu percayana ge teu percaya pisan. Kitu teh, kapangaruhan ku uwana, Wa Sukma. Ngan, najan teu percaya ge butuh kacida, keur bahan tulisan muateun dina majalah mah.
"Ulah kapangaruhan ku nu teu pararuguh, da can aya nu kabejakeun tinggal sapotong dihakan jurig," kitu ceuk Wa Sukma.
Papatah uwana kitu, keur Yuda mah nambahan kaludeung. Omongan nu siga nyingsieunan, atawa sabangsa pamula-pamali, lain kudu diturut sacerewelena, tapi kudu disurahan ditumalikeun jeung kapentingan sejen. Tah, ku sabab kitu, waktu sobatna boga karep nyieun skripsi ngeunaan folklore, bahanna teh ngumpulkeun ti lembur Atim jeung lembur-lembur sejenna, da di dinya mah loba keneh dongeng-dongeng aheng.
Can lila, Yuda lalajo wayang di lembur Atim, di Kalapa Dua. Harita Atim cacarita, di dinya mah, teu meunang ngalalakonkeun "Karna Tandingan," lantaran sok loba nu garelut.
Omongan Atim kitu, keur Galih mah, jadi bahan keur skripsi deui bae. Sual riributan para pamuda dina tatabeuhan mah ilahar. Ukur parebut ngajogedan biduan dangdut ge bisa parasea. Ngan, tangtu we pamanggih Galih kitu teh, teu ditepikeun ka Atim mah.
Waktu papanggihana didongengkeun ka Yuda, sobatna, nu jadi wartawan majalah mingguan, ki sobat bangun ngahatean. "Enya, geus we urang ulin deui ka lembur Atim," kitu ceuk Yuda saminggu saacanna nepungan sobatna urang Kalapa Dua.
"Tos lami icalan bajigur?"
"Kantenan we."
Mang Unab nyaritakeun pangalamanana jadi tukang bajigur. Cenah, ku sabab turunan, neruskeun tapak lacak akina. Sanggeus akina tilar dunya, dagang bajigurna diteruskeun ku bapana, Mang Ahya. Ngan, bapana mah eureun sawatara waktu ka tukang. "Liren saatosna pependakan," pokna.
"Pependakan naon Mang?"
"Kapungkur waktos nongton wayang."
"Bajigurna, Jang?" ceuk nu anyar datang.
Mang Unab ngaleos ka jero. Muka tutup kurumbung. Cur-cur nyicikeun bajigur dua siuk. Song dibikeun ka nu mesen.
Najan panasaran, Yuda jeung Galih teu terus nanyakeun lalakon bapana Mang Unab. Padahal, dongeng kitu ge keur Galih mah butuh, keur nambah-nambah bahan skripsi tea.
"Dupi Encep ti saha ti Kawung Nunggal teh?"
"Ti wargi."
"Saha?"
"Pa Hudori."
"Euh, Pa Hudori."
"Kenal kitu Emang?"
"Kantenan we. Ari di kampung sapertos di dieu mah karenal ka urang kampung sanes oge. Komo deui da Pa Hudori mah kalebet inohong masarakat. Kantos janten tua kampung atanapi kokolot lembur."
"Wargi kitu ka anjeunna teh?"
"Sanes, mung aya kaperyogian we," ceuk Galih.
"Euh...!" Tukang bajigur mesem. Deukeut-deukeut kana seuri.
Keur Galih jeung Yuda mah teu ngarti kana pasemon tukang bajigur kitu teh. Siga surti, tapi teu betus.
Basa tukang bajigur ngaleos ka tukang, Galih nanya ka Atim. Nu ditanya mah teu heraneun teu sing waktu tukang bajigur mesem teh.
"Saha kitu Pa Hudori teh?"
"Enya tokoh masarakat."
"Lian ti kitu?"
"Purah ngubaran jeung pananyaan."
"Dukun?"
"Lain, tapi disebutna teh paranormal, ceuk urang kota mah."
"Euh, paingan. Urang ka ditu ge disangkana mah rek tatanya meureun."
"Enya. Teu salah. Urang ge rek tatanya atawa nanyakeun. Malah ketang urang mah rek tatanya atawa tunya-tanya," Yuda mairan.
Yuda jeung Galih memang rek nananyakeun, tapi lain rek tatanya. Rek neangan informasi ngeunaan carita-carita sabudeureun urang lembur. Ku lantaran kitu, keur saheulaanan rek menta beja ti Pa Hudori nu oge bibit buitna ti Pasir Ibun. Yuda jeung Galih boga objek nu sarua kalayan tujuan anu beda. Yuda mah keur bahan tuliseun dina majalah mingguanana.
Daratang ka lembur Atim, ka Kalapa Dua, nu katilu kalina. Nu mimiti mah, dua bulan ka tukang, ukur sakeudeung, moal leuwih ti sajam. Ukur nepungan Atim wungkul kawawuhanana basa keur masantren kilat di Mama Ajengan Ahmad. Nu kadua, minggu tukang, mondok di Atim sapeuting. Angkanan mah rek saminggu, ngarah teu bulak-balik. Mun ngumpulkeun data saminggu, moal burung cukup. Kadar eta, cenah, aya kakurangan, ka hareup bakal dilengkepan deui.
Nganjang ka Pa Hudori, tumali jeung kaperluanana, hayang meunang katerangan, sual lembur Babakan Pasir Caringin, nu cenah padumukna kapaksa parindah lantaran carem diduruk gorombolan DI/TII baheula. Ari Pa Hudori, memeh kajadian teh pindah ka Kawung Nunggal lantaran meunangkeun urang dinya. Sepuhna Pa Hudori kaasup nu jadi korban.
Yuda butuheun keur muateun dina majalahna. Manehna, keur ngumpulkeun bahan sual korban-korban DI/TII. Muateun nyambung dina bulan Agustus. Pa Hudori kungsi jadi tua kampung, ngabawah sababaraha wewengkon, kaasup nu pangkidulna Pasir Ibun tea. Tah, ku Yuda jeung Galih mah dianggap loba kanyaho Pa Hudori teh, kaasup apal kana adat istiadat urang lembur, nya tangtu deuih apal kana folklore-na.
Basa ka lembur Atim sawatara taun ka tukang, Yuda jeung Galih teu bisa bebas ulin. Harita mah, asa disingsieunan. Cenah, di eta lembur mah sanget keneh. Loba kajadian aheng. Malah, Atim ge ngadongengkeun gorombolan. Tangtu we, dongeng ti kolotna, da manehna mah teu ngalaman. Urang Kalapa Dua mah loba nu percaya, monyet-monyet galak nu matuhna di leuweung deukeut Kawung Nunggal teh monyet kajajaden, urut anggota DT/TII nu kabur ka leuweung sabada diobrot ku tentara. Sawareh anggota DI/TII teh baralik deui ka lembur sewang-sewangan, sawareh deui terus kakaburan lantaran kungsi ngalakukeun kasalahan gede, saperti kungsi maehan urang lembur nu dijorag. Kitu ceuk dongeng Atim mah. Tangtu we, keur Yuda mah ukur seuri, da teu percaya, ari jelema jadi monyet mah. Mun ditulis ge, ukur minangka 'bungbuna'. Ari keur Galih, dongeng kitu teh angger penting.
"Ngan, da aya palakiahna," ceuk Atim.
"Kumaha, Tim?"
"Kudu nyebutkeun urang teh turunan Raksabuana."
"Saha ari Raksabuana teh?"
"Dalem nu jaman baheula nu kacida dipihormatna ku masarakat," ceuk Atim.
Yuda jeung Galih ukur mesem.
Lian ti keur bahan tuliseun dina koranna, Yuda oge boga kapanasaran sejen. Hayang, nyegerkeun deui ingetanana ka nu kaalaman jeung uwana tea, deuih. Loba nu geus poho. Ngan, nu eces keneh dina ingetan Yuda teh, milu ka uwana peuting-peuting.
Bareto, keur budak, Yuda kacida reueusna ku uwana teh. Remen milu mun uwana keur indit-inditan nyalse. Tapi, kareueus kitu teh ayeuna mah luntur sanggeus nyaho, uwana dikaluarkeun ti koranna. Yuda apal, nu dikaluarkeun teu pupuguh, tangtu ngalanggar aturan atawa nyieun kasalahan nu teu perlu dihampura deui. (*)
Nyambung ka Bagian 2 |
Ensa Wiarna