Saung Lisung
Tonggoheun imah, kahalangan ku dua suhunan aya saung lisung. Henteu ari gede mah, da tempatna oge sasuhunan jeung kandang domba. Gigireunana imah Nini Esih, nu boga saung lisung. Isuk-isuk atawa pasosore, saung lisung teh sok rame bae. Sora awewe patingcikikik pabaur jeung sora halu diadu jeung lisung.
Kuring kakara kelas 2 SD, basa sok maturan Ema di saung lisung teh. Ema ngelek boboko nu geus dieusian bangsal atawa pare geugeusan, kuring ditiung ku nyiru. Terus nagog deukeut tatapakan, bari ngamandoran nu keur ngulangkeun halu. Mun bangsal geus lembut, bagean kuring anu ngerukna tina jubleg. Sok kana nyiru. Ku Ema terus ditapikeun, serahna dipilihan, ditutu deui. Mun aya hayam nu macokan beas, bagean kuring nu ngabuburakna teh.
"Kade hayam aing tong dibuburak!" Nini Esih nyelengkeung ti dapur.
Ari nu ngadon nutu di dinya, lolobana mah parawan, titahan kolotna. Make kabaya, disamping jangkung, ditiung ku karembong. Nya kitu, sok kadenge ngobrolkeun beubeureuh, bari patingirihil jeung pada baturna. Ari bahan wangkongan nu geus rimbitan, kaasup Ema kuring euweuh deui iwal ti salaki - pangedulanana, kadaekna, nepi ka wangkongan nu cawokah. Tapi henteu ngobrol wungkul ketang. Sejen waktu mah sok aya oge nu pasea. Silih awuran ku beas, ngan henteu we nepi ka silih teunggeul ku halu mah. Barudak awewe anu mindeng pasea teh. Teu pira, ukur parebut jubleg. Mun geus kadenge nu hog-hag kitu, Nini Esih sok kaluar ti imah, tokroh-tokroh kundang iteuk.
"Na ari sia kalahka parasea. Jubleg nu aing, lisung nu aing!" pokna, biwirna ngabulaeh pinuh ku luah. Geus kitu mah kakara repeh.
Can kaharti harita mah, naon sababna unggal aya nu nutu, barudak bujang sok ngariung di imah Nini Esih. Meureun maturan Nini Esih anu geus sakitu kakolotanana. Kungsi hiji mangsa mah unggah ka imah, hayang milu ngariung bari menta kukurud gula kawung. Horeng bujang-bujang teh keur naroong tina sela-sela bilik. Noong naon deui, upama lain noong anu keur nutu.
"Tenjo euy, Si Idas anu pangeundeurna mah!"
"Beulah ditu atuh, dewek teu kabagean liang bilik!"
Berebet kuring kaluar, ngabejaan Ema yen di imah aya nu noong. Puguh atuh jadi guyur sasaung lisung. Barudak bujang dibuburak. Barudak awewe patingjarerit bari memener kabaya, bisi aya bagian awak anu henteu katutupan.
Nepi ka sababaraha taun mah, Teh Idas, anu upama nutu sok nembongkeun bitis dilandi Si Eundeur.
Saung lisung mimiti tiiseun, basa di lembur aya nu ngadegkeun heleran. Hajà Undu nu bogana teh. Nu rek nutu ngabring ka heleran. Teu kudu hararese, asal aya keur buruhna. Ema mah can kungsi ka heler, da sok nitah kuring. Di eta tempat kuring nyaksian mesin nu muih, sorana nu matak katorekan, jeung kekebulna nu ngabring ka langit. Euweuh nu galecok di dinya mah. Jalma-jalma bet ngadadak siga nu pireu. Rek bisa ngobrol kumaha, ari lain gogorowokan mah. Da puguh geteran mesin heler sakitu tarikna, matak eundeur saawak-awak.
Enya ari ngareunahna mah. Mun pare sakarung ditutu dina jubleg, biheung anggeus sapuluh poe. Ieu apan kari mahekeun, ditandean deui geus jadi beas. Tapi galecokna nu keur nutu beda jeung di saung lisung.
Ayeuna saung lisung teh geus ka mana boa. Nini Esih geus maot. Teh Idas geus boga budak dua. Tong boro nu ngadon nutu, dalah lisung jeung jublegna oge geus tumpur. Saung lisung anu sakapeung mah sok dipake pasea jeung ngomongkeun batur, ukur jadi kawaas nu biheung aya deui.
Ana dipikir deui, saha atuh anu rugi, lamun di lembur taya saung lisung? Nini Esih, da tara nyewakeun jubleg manehna mah. Atoh we meureun, euweuh nu ngagandengan. Nu sok nutu, puguhing leuwih ngeunah, da ayeuna mah nutu teh teu kudu ngulangkeun halu. Kari ngagandong ka heleran. Sakarung bisa dipake dahar satengah bulaneun. Moal tuksel kudu ka saung lisung, cara Ema baheula. Paling oge bujang di lembur nu leungiteun teh, henteu bisa nenjo nu eundeur.
Make jeung boga kacindekan, boa nginget-nginget barang nu euweuh mah ukur panineungan nu taya gunana. Saung lisung, anu nepi ka ayeuna namper keneh dina ingetan kuring, apan lain barang nu matak tibelat jalma rea. Boa aya nu teu apaleun bungkeuleukanana oge. Urang lembur, kiwari, kakara inget ka lisung teh upama aya acara tutunggulan di nu kariaan. Kitu oge lain keur kapentingan nutu pare. Meureun saung lisung teh salah sahiji kotretan kahirupan di lembur kuring mangsa bihari. Sabada kagunasika ku pajamanan, nya nungtutan leungit. Saha nu rek mileuleuheungkeunana, da puguh taya nu melang taya nu nineung. Dalah kolot kuring sorangan, anu baheula sok pulang anting ka saung lisung, tara kungsi nyaritakeun panineunganana.
Palebah maluruh nu kumaha ari lisung, loba ieuh bukuna. Dina buku pangajaran sakola nyampak, dina ensiklopedi oge aya. Turta lamun tea mah urang hayang nyieun saung lisung, naon hesena. Bahan-bahanna loba, malah najan sina agreng oge piraku teu bisa, asal aya waragadna.
Nya eta, keur sakuringeun mah, anu ngait bae teh suasana di saung lisungna. Sora nu ngelentrung, nu napikeun, nu ngagebahkeun hayam, nu ngomongkeun salaki, nepi ka nu paseana pisan. Bet kaimpleng bae nu keur make kabaya, ditiung ku karembong. Nepi ka sakapeung mah teu engeuh, upama suasana saperti kitu teh geus jadi bagean nu leungit. Tah, geuning, kadenge deui kentrungna sora lisung. (*)
Dadan Sutisna