Guha Kahfi, Kareueus Jordania

Panonoban Ashabul Kahfi nu dikisahkeun dina al-Qur'an Surat Kahfi ayat 10-26, mangrupa guha, aya di dua tempat, nyaeta di wewengkon desa Rokim, Amman, Jordania, jeung di Kota Tarsus, Turki. Duka mana nu bener, da duanana ge pada ngaku yen eta tempat teh nyaeta tempat nyumputna para pamuda Ashabul Kahfi, laju kalawan kakawasaan Alloh swt, kabehanana disarekeun salila 360 taun.

Rohang Kalam

Tapi guha nu aya di Desa Rokim, Amman, dianggap pangmerenahna. Ieu guha nu kapanggih taun 1967 ku hiji tim arkeologi Universitas Jordania nu diseponsoran ku UNESCO, dianggap deukeut kana ciri-ciri guha Ashabul Kahfi, nyaeta teu jauh ti perkotaan. Umur katut rupa fosil jeung batu sarta mineral sejenna nu kapanggih di dinya, teu pati geseh jeung fosil-fosil, babatuan katut mineral nu aya situs-situs kuno sabudeureun Kota Amman, saperti Situs Jerash, Petra, Kerak, jeung sajabana, nu baheulana dijadikeun wilayah kakawasaan Byzantium (Romawi Wetan). Kahirupan tujuh pamuda Ashabul Kahfi dikira-kira sajaman jeung Kaisar Dakyanus, raja Byzantium abad ka-1 Masehi, nu ngagem kapercayaan Paganis (kafir). Raja Dakyanus katut rahayat Byzantium harita nolak kana ajaran tauhid nu disebarkeun ku Nabi Isa alaihissalam.

Ari tujuh pamuda tea, anut kana ajaran tauhid Nabi Isa. Malah nyoba-nyoba nyebarkeun ka indung bapa, dulur, baraya jeung tatanggana. Ngan ditarolak. Malah dilaporkeun ka raja. Antukna eta para pamuda meunang ancaman. Lamun tetep nyekel ajaran tauhid Nabi Isa as, baris dihukum beurat kacida. Tapi lamun balik deui kana ajaran nu berlaku di karajaan Bizantium, nyaeta nyembah dewa-dewa jeung berhala, baris dibere kalungguhan luhur.

Tujuh pamuda nu pengkuh iman Islamna teh, pageuh nyekel prinsip "Dainunah lil Lahi wahdah" (pasrah sumerah sumembah wungkul mung ka Alloh nu hiji), teu ngagugu. Ngan lamun ngalawan teu mungkin. Nya maranehna badami pikeun neangan cara nyingkahan katelengesan raja katut antek-antekna. Jalan panghadena taya lian iwal ti nyingkur ka tempat suni. Miara kasalametan diri bari husu ibadah ka Alloh.

Dina hiji wanci nu mustari, maranehna indit ninggalkeun puseur dayeuh di Byzantium nu katelah Alia Capitolia (kota endah nu ayeuna jadi Kota Amman). Indit demi ngajugjug patempatan nu sakira moal kapanggih ku nu neangan. Sanggeus lumampah sawatara waktu, anjog ka hiji guha nu nyingkur teu anggang ti kota, tapi henteu kagiridig ku jalma. Malah moal aya nu nangenan, yen di dinya aya guha.

Bus wae asup sabada maca du'a neda rohmat katut hidayah ti Alloh swt:

Robbana atina min ladunka rohmatan wa hayyilana min amrina rosada (QS:al-Kahfi:10).

Barang beres bebenah, kabehanana ujug-ujug kaserang tunduh liwat ti tunduh. Reup bae maranehna sarare tibra pisan.

Nepi ka harudangna deui, taya saurang ge nu bisa ngira-ngira, sabaraha lilana maranehna sare. Aya nu ngarasa sapoe jeput, aya oge anu ngarasa sapoe sapeuting. Barang ngarasa lapar, salah saurang di antarana dijurungan ka pasar pikeun meuli dahareun. Kalawan dikade-kade kudu ati-ati, bisi aya intel ngincer. Ahirna eta pamuda salamet nepi ka pasar, jeung salamet barang beuli kadaharan. Ngan barang creng mayar, nu boga warung kerung bari nilik-nulik duit aheng, duit heubeul nu geus teu payu. Atuh ribut pada ngilikan. Tuluy aya nu apaleun, yen duit eta mah mangrupa duit karajaan tilu ratus taun ka tukang.

Lantaran di pasar heboh, eta pamuda teh di bawa ka hareupeun raja, ditalek ti mana asal, jeung naon sababna balanja ku duit kuno nu geus teu laku.

Mimitina mah eta pamuda teh bungkem. Ngan sabada apal, yen raja nu disanghareupan teh ngagem agama tauhid (Islam) sakumaha ajaran Nabi Isa as., kakarek wani terus terang. Derekdek dicaritakeun kumaha lalakon basa maranehna nyaringkah ka guha, sangkan teu keuna ku hukuman raja dolim tukang nyembah dewa berhala. Tuluy dug kabeh kasarean. Hudang-hudang perbawa lapar. Basa salah saurang ti antara maranehna indit ka pasar, bet kitu kajadianana.

"Tapi apan eta mah geus lumangsung tilu ratus taun ka tukang," ceuk raja.

"Alloh Maha Uninga. Kaweruh kuring mah ngan sakitu. Kitu deui kaweruh batur-batur kuring genepan nu keur nungguan di guha, moal jauh ti kieu," walon pamuda Ashabul Kahfi.

Sanggeus babadamian, diputuskeun yen caritaanana teh rek dibuktikeun ku sarerea ku cara langsung arindit ka guha. Bring atuh Raja sapiri umpi ngajugjug guha ngiringkeun pamuda nu mawa balanjaan tea. Barang geus nepi, nu araya di luareun guha teu waka diidinan asup ku eta pamuda, manehna heula sorangan. Barang eta pamuda gok jeung batur-baturnana, tuluy dicaritakeun kajadian anu cikenen tumiba ka dirina. Teu sawatara jongjongan sabada cacarita, kersaning Gusti Nu Mahasuci maranehna maraot, mulang ka kalanggengan. Nu narungguan di luar, sanggeus nyaho "Ashabul Kahfi" maraot, tuluy badami sangkan hiji waktu di sabudeureun guha baris diramekeun ku pilemburan jeung di deukeutna diadegan masjid.

Sanggeus kapanggih ku tim arkeologi taun 1967 tea, situs Guha Kahfi diberesihan. Wewengkon guhana direnovasi sangkan katembong kaaslianana. Tulang-taleng nu kapanggih di dinya, diwadahan kana peti kaca. Lawang tempat cahaya panonpoe asup ka jero guha, nu ngalantarankeun jasad "Ashabul Kahfi" weuteuh salila sare 300 taun, ditata dialus-alus. Ti taun 1968, guha Ashabul Kahfi di desa Roqim teh mimiti pada ngadeugdeug, jararah ka dinya pikeun ngalap hikmah pieunteungeun hirup.

Nurutkeun katerangan, kisah Ashabul Kahfi kantos dipedar ku Kangjeng Nabi Muhammad saw, nedunan pamenta urang Yahudi nu hayang nguji, naha bener Muhammad teh meunang wahyu ti Alloh. Nya urang Yahudi teh ngasongkeun pertanyaan ngeunaan jalma-jalam nu sare ratusan taun tea. Keur nohonan eta pamenta, Kangjeng Nabi saw. ngucapkeun "Insya Alloh (mugi Alloh marengkeun), diteraskeun ku ngadu'a An yahdini Robbi li aqroba min hadza rosada" (QS:al-Kahfi:24).

Kisah Ashabul Kahfi kawilang hebat, tur ukur aya dina kitab suci Qur'an. Dina kitab-kitab agama sejen, boh Yahudi boh Nsarani mah teu aya. Tapi pangaruhna nerekab ka sakuliah dunya. Rea carita rayat (foklor) nu ngandung imajinasi jeung tema samodel Ashabul Kahfi, kawas Urashima Taro di Jepang, atawa Riff Van Winkel di Eropa, nu direka deui jeung dipolpulerkeun ku pangarang kamashur, Washington Irving.

Pikeun umat Islam, kisah Ashabul Kahfi mangrupa sumber daya motivasi keur nguatan tauhid jeung sumanget kaislaman. Figur pamuda Ashabul Kahfi sawadina mere ilham ka para pamuda Muslim kiwari, pikeun nyekel pageuh aqidah tauhid enggoning nanjeurkeun syiar dienulloh, syiar Islam.

Surat al-Kahfi sok diwadamkeun dibaca. Minimal saban malem Jumaah. Aya swatara hadis nu nyebutkeun, yen nu dawam maca surat al-Kahfi bakal ditangtayungan tina panggoda Dajjal.

Surat al-Kahfi memang leubeut ku kisah-kisah picontoeun. Salian ti kisah Ashabul Kahfi, dina eta surat aya deui kisah dua urang jalma anu ngabogaan kebon, nu ideologina pabentar. Nu saurang materialistis jeung atheis, ari nu saurang deui mah iman ka Alloh (al-Kahfi:32-34), oge kisah Nabi Musa jeung Nabi Khidir (al-Kahfi:60-82), sarta kisah Dzulqarnain (al-Kahfi:83-101). (*)


Usep Romli HM

Guha Kahfi, Kareueus Jordania Guha Kahfi, Kareueus Jordania Reviewed by Rupa Sundapura on 19.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.