Rurugan Di Pangbarakan

Bubar ngaji barudak di kampung Kaum ngadon ngabring ka sisi leuwi. Geus tepi, gek dariuk di handapeun loa, ngariung.

"Cik pok caritakeun, kumaha panghina barudak Cikoneng teh, Uwas!" ceuk Uha anu nangtung bari nyarande kana tangkal loa.

"Enya cenah, mana lalakina urang kampung Kaum teh. Urang pateuas-teuas peureup," ceuk si Uwas.

Carita Pondok

"Geus ngadenge eta mah dewek oge tadi! Teu kudu dibalikan deui. Ayeuna mah ku silaing caritakeun, naha pangna jadi kitu?"

"Dewek teh tas ngala suluh. Barang keur nanggung ngaliwat ka lebah pamandian, rea budak Cikoneng di dinya, ngadon saleuseurian. Dewek teu ngeunah, reg eureun. Naha make eureun di dieu, rek ngajak gelut, cenah. Tong boro budak hengker kawas silaing, Uwas, jago Kaum ge ku dewek moal ditarajean, jig bejakeun. Kitu tah ngomongna," ceuk si Uwas.

"Ku silaing dikumahakeun, diantep? Heug lawan, euweuh kahayang teuing," ceuk si Bohim lajag-lejeg kawas anu panas.

"Ku dewek ge dilawan, tapi dewek ngan sorangan, itu lobaan," tembal si Uwas.

"Kieu ayeuna mah, euy," ceuk si Uha. "Tetela urang Cikoneng ngahina ka urang. Naha urang rek cicing-cicing wae? Arolo-olo pisan, samaruk urang rek cicing? Agul pisan bisa golempang teh. Ulah diantep, tuman. Naha dikira urang Kaum teh keuyeup leuleus? Meungpeung urang ayeuna geus kumpul, hayu urang terus indit, urang jorag ka lemburna. Satuju sarilaing?"

"Satuju!" ceuk barudak teh.

"Ke heula," ceuk Hamid anu ti tadi teu rea omong, tapi tenget ngabandungan. "Ceuk dewek mah ulah gurung gusuh, kudu dipaluruh heula, bisi urang salah."

"Salah kumaha? Geus puguh urang Cikoneng anu nangtang!" ceuk Uha.

"Enya, tapi eta mah karek ceuk beja ti si Uwas!" tembal Hamid.

"Sanajan beja ge, tapi kapan bener kitu," ceuk Uha.

"Ceuk dewek mah kudu dibuktikeun heula," tembal Hamid deui.

"Mid, teu nyana silaing. Ongkoh mah silaing pangjagona penca, tapi borangan!" ceuk Uha.

Barudak geus gilig arek ngajorag ka Cikoneng. Bring wae indit, mapay susukan Cigulanjeng ka girangkeun. Ti dinya mapay galeng asup ka lembur Cikoneng. Tapi teu kapanggih barudak ngulampreng. Tuluy bae ka Pangbarakan, biasana di darinya barudak Cikoneng sok arulinna.

Ari Hamid ngaleos teu milu kana abringan barudak Kaum. Teu nyaho ka mana inditna, taya anu nangenan.

Ari lebah pamandian, barudak Kaum papanggih jeung budak Cikoneng saurang.

"Silaing budak Cikoneng?" ceuk Uha.

"Enya," tembal nu ditanya.

"Bejakeun ka babaturan silaing, urang Kaum geus sadia. Lamun enya wani, hayuh ayeuna urang gelut. Bisi sieun gelut di lembur dewek, urang gelut di Pangbarakan, ambeh urang dieu gampang bebeja ka indungna. Jig bejakeun. Geuwat kituh geus arateul, hayang ngasaan nampiling urang dieu!"

Budak Cikoneng mani euceuy ceulina bakat ku panas. Leos manehna indit.

Barudak Kaum ngabring deui neruskeun lalampahanana ka Pangbarakan.

Ari Pangbarakan teh tegal di lamping Pasir Pogor. Nu jadi di dinya jujukutan jeung ruyuk-ruyuk saliara, manjah, jarong. Di dinya osok dipake ngangon munding jeung domba. Dina anu lempar, barudak sok maraen bal.

Barang tepi ka pangbarakan teu nyampak sasaha. Aya eta ge budak keur ngangon, tapi jauh. Barudak Kaum geus teu salabar ngadon ejegeler bae hayang geura der gelut ngadu peureup.

Geus rada kesel anu ngadagoan, katara di kajauhan rentang-rentang aya nu leumpang. Beuki lila beuki atra ngabrul. Barudak Cikoneng geus daratang. Maranehna teu manglumpatkeun, nyumponan kahayangna urang Kaum.

Ari geus tepi ka Pangbarakan itu ieu silih pelong.

Gorowok Uha ngomong, "Kaleked teuing euy. Naha silaing sieun? Ongkoh mah nangtang ka urang Kaum."

"Cadu urang Cikoneng mah make sieun sagala. Ari hayang-hayang teuing mah silaing ngasaan peureup urang dieu, sok bae!" tembal budak Cikoneng.

"Di dieu ge peureup mah baruleud. Hayu euy, tuman. Samaruk urang Kaum beunang dihina?" ceuk Uha ngajak baladna.

Barudak ti dua pihakanana maju, bangun euweuh nu gimir. Itu ieu pada napsu. Kari kahalangan ku sababaraha rungkun saliara deui kana gok amprokna, kadenge aya sora ngagorowok. Torojol aya dua budak tina anu bala. Nu saurang tetela Hamid, ari nu saurang deui budak Cikoneng.

"Tempo heula euy," ceuk Hamid sorana bedas.

Barudak teh reg ngarandeg.

"Jadi ieu teh rek garelut?" ceuk Hamid.

"Teu jadi kunaon?" tembalna patinggorowok.

"Ke heula, dewek duaan menta tempo," ceuk Hamid deui. "Yeuh dewek ngajak jago Cikoneng, si Umar. Saha anu teu wawuh ka si Umar, lain? Manehna sok dijieun tanggelan ku urang dieu. Saha anu teu gimir ku si Umar. Mun perelu, dewek duaan rek ijen. Dewek ngawakilan budak Kaum, Umar ngawakilan urang Cikoneng. Sanggup silaing, Umar?"

"Sanggup weh ari puguh pasalna mah," tembal Umar bari nangtung ajeg.

"Tah meureun kasaksian ku sarerea, dewek jeung Umar arek ijen. Tapi saratna hayang puguh heula pasalna," kitu ceuk Hamid. Barudak nu sejen teu aya nu nyoara.

"Kieu, Umar," ceuk Hamid, sorana angger bedas. "Barudak Kaum datang ka dieu sabab ngarasa dihina ditangtang ku urang dieu. Ayeuna urang puguhkeun, enya urang dieu nangtang?"

"Urang kaum anu nangtang!" ceuk budak Cikoneng.

"Urang Cikoneng!" ceuk Uwas.

"Tuh anggur patuduh-tuduh. Ceuk Uwas, manehna ditangtang ku urang Cikoneng, waktu ngaliwat tas ngala suluh."

"Teu rumasa!" ceuk budak Cikoneng.

"Ngangles!" ceuk Uwas.

"Saha jelemana nu nangtang teh, Uwas? Cing tuduhkeun! Aya di dieu?"

Si Uwas maju, nyidik-nyidik nu aya di dinya.

"Tah eta!" ceuk Uwas bari nunjuk ka budak Cikoneng.

"Lumri, enya silaing nangtang gelut?" ceuk Umar bari maju.

"Henteu," tembalna.

"Ah, sia ngangles. Ari basa di pamandian silaing nyeungseurikeun dewek, tuluy nangtang urang Kaum," ceuk Uwas.

"Enya nyeungseurikeun mah, tapi dewek teu rumasa nangtang gelut ka urang Kaum," tembal Lumri.

"Geuning silaing meureupan ka dewek," ceuk Uwas.

"Enya meureupan ka silaing mah. Tapi lain nangtang gelut ka urang Kaum. Dewek mah ngaheureuyan ka silaing bae."

"Ah, ngangles ari sieun mah," ceuk Uwas.

"Demi Allah!" ceuk Lumri bari nyirilik rek ngajewang si Uwas. Tapi kaburu dihalangan ku Umar.

"Jadi silaing teu rumasa nangtang gelut ka urang Kaum?" ceuk Umar.

"Henteu," tembal Lumri. "Rumasa soteh ngaheureuyan si Uwas."

"Tah, Uwas, kitu ceuk pangakuan Lumri. Bisa narima?" ceuk Hamid.

"Henteu. Manehna ngajak gelut!" ceuk Uwas.

"Ka saha?" ceuk Hamid.

"Ka dewek."

"Tah bener ka silaing mah, tapi lain ka urang Kaum sakabehna," ceuk Hamid. Tuluy manehna nyarita ka urang Kaum, "Tah kitu euy, si Lumri lain nangtang ka urang Kaum, tapi ngajak gelutna ka si Uwas. Lamun enya mah urang Cikoneng nangtang gelut ka urang, keun bae samemeh gelut sarerea, dewek heula. Malah dewek geus milih musuh pangjagona, nya eta Umar."

"Sarua dewek ge jeung Hamid. Mun enya urang Kaum ngajak tarung, dewek sanggup maju ti heula, ngawakilan urang Cikoneng."

"Kumaha, Mar, kira-kirana urang jadi kudu gelut?" ceuk Hamid.

"Teu perelu, da euweuh pasalna. Paling-paling oge si Lumri jeung si Uwas," tembal Umar.

"Jadi silaing rek gelut?" ceuk Umar ka Lumri.

"Ah, teu hayang, da harita ge ukur heureuy," tembal Lumri.

"Ah, heureuy kumaha, puguh ngajak gelut!" ceuk Uwas nyorongot.

"Kateuteuari ngadukeun si Uwas jeung si Lumri," ceuk hiji jalma anu nyampeurkeun ka dinya teu kanyahoan ti mana jolna. Singhoreng Kang Atang.

Ari Kang Atang teh jago maen bal, bentang lapang ti sakawadanaan di dinya. Malah geus sababaraha kali kapeto jadi pamaen sakabupaten. Barudak raresepeun pisan ka Kang Atang teh. Kitu deui Kang Atang ka barudak.

"Kieu ayeuna mah. Rek garelut teu jadi, mending maen bal. Dewek boga bal baliter leutik, meujeuhna keur sarilaing. Lain hayang ngajaran maen bal ku bal baliter? Geura beda jeung maen bal ku bal sekrap, leuwih genah, teu lingas. Hayu urang ka lapang!"

Siga nu tas euweuh kajadian nanaon, barudak teh brul weh nuturkeun Kang Atang. Pangpandeurina Hamid jeung Umar.

"Alhamdulillah, Mar, teu jadi paraseana," ceuk Hamid.

"Enya, untung we Kang Atang kaburu kabejaan deuih."

Barudak anu tadina rek silih rurug teh teu jadi. Ayeuna mah rame maraen bal, diwasitan ku Kang Atang. (*)


Yus Rusyana
Rurugan Di Pangbarakan Rurugan Di Pangbarakan Reviewed by Rupa Sundapura on 21.32 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.