Sisireuman
Dina awal taun limapuluhan, kuring sok heureuy kieu teh. Mangsa sok resep ngarit sabada budalan sakola di SD jeung reureuh sakeudeung. Acim, Ukar, Uju, Otih, jeung Mari sobat-sobat medok dina waktu ngarit teh. Duka naon sabab musababna nu matak ieu kaheureuyan disebut sisireuman. Ari jigana mah pedah mirip-mirip kana kagotong-royongan atawa digawe babarengan, kawas sireum beureum dina taneuh garing ari manggihan bangke cacing sauted oge sok geuwat neang baturna. Tuluy eta cacing sauted teh babarengan digarotong dibawa kana liang.
Saha nu teu seunggah geura, tengah poe mentrang-mentring kudu ngatrok usrak-asruk neangan jukut kahalodoan. Ana rajeun manggih jukut nu ngemploh sajumpluk, dikepung pahibut ku genepan. Saha-saha nu rada seukeut aritna bari pinter ngaritna, nya manehna nu gancang meunang jukut keur eusi carangka. Tapi kawegah jeung kahoream teh bisa ilang musna kaganti ku karesep nu ngagumbirakeun. Lamun carangka kaeusian macak-macak satengahna sewang. Acim sobat nu panggedena sok ngagegedugan.
"Urang sisireuman yu!"
"Hayu!" tembal kabehan.
"Sakeupeul sewang bae heula nya, da jukutna keur hararese dikorehanana! Tuh teundeun we gundukkeun handapeun tangkal cau, ambeh kaiuhan bisi aya nu elat ngaritna. Sok urang hompimpah heula, saha nu meunang jadi indungna," ceuk Acim.
Nu genepan ngariung bari nangtung, leungeun kenca nyarekel arit dikatukangkeun, leungeun katuhu dikahareupkeun, diriungkeun, tuluy diputerkeun bari bareng hompimpah rada dikawihkeun.
"Hompimpah, waliwa hompimpah...!" Nu limaan dampal leungeunna bareng ditangkarakkeun ari Ukar bet nangkub dampal leungeunna teh.
"Ukar indung! Ukar indung...! Hayu urang buru-buru ngagundukkeun jukutna!"
Bring pasulabrengan, nu ngaler, nu ngidul neangan jukut teh, tapi teu jauh tina tangkal cau geus ditangtukeun pikeun neundeun jukut tea. Teu lila geus jul-jol deui daratang marawa jukut sakeupeul sewang, disaksian ku "indung" sabage mandor. Sok jukut nu sakeupul sewang teh digundukkeun dina hiji tempat anu geus ditangtukeun tea.
Lamun jukut geus aya genep keupeul kaasup meunang indung, kakara si indung teh nyalingker ka nu rada buni, nyumput, neangan jukut carulang genep gagang. Anu sagagang, tungtung gagangna dicangreudkeun. Tuluy gagangna sina rarancung ka luhur. Tuluy si indung teh dirariung ku limaan. Jukut carulang tea dikahareupkeun.
"Antare bae nya, ulah parebut nyokot carulangna!" cek indung bari ngawih, "Nyuh, nyeh, nyuh nyeh anu sunyah ngabelenyeh, pris...!"
Sarerea cug-ceg nyarekel carulang anu masih dikeupeul ku indung, sagagang sewang.
Barang bray ramo indung muka, ger sarerea surak, "Horseh, Otih meunang, Otih untung, Otih ayeuna indungna...!"
Otih gancang ngarawu jukut nu digundukkeun ti genepan bari pasemon marahmay. Bes, bes jukut teh di kana carangkakeun manehna.
"Ayeuna mah urang dua keupeul sewang, nya!" ceuk Otih anu kapeto jadi indung sanggeus aya milik meunang carulang nu nyangreud gagangna tea.
"Jadi lah ambeh tereh pinuh!" ceuk babaturanana bari tuluy ngararit dua keupeul sewang.
Kitu jeung kitu bae meunang sababaraha entragan nepi ka sarerea pada ngarasa jadi indung. Anu pareng mujur mindeng jadi indung, carangkana tereh muncung, rancung ku jukut. Ari nu rada naas tolombongna molongpong bae. Tapi ari dina lagu balik mah, anu meunang teh tara ieuh genah-galeuh ieu aing, sok ngadagoan heula ka nu eleh, anu terus ngadeluk keneh ngarit, bari subat-sabet, sumprang-simpreng mantuan, minuhan carangka sakeupeul-keupeuleun, nembongkeun rasa satia kawan. Solidaritas.
Memeh Asar barudak teh baralik ti pangaritan semu galumbira. Aya anu nyuhun carangka, aya nu ngagandong ku pangais lalayu sekar.
"Isuk mah urang di Pangjebolan ngarit teh nya!" cek Mari.
"Heeh, ambeh resep sisireuman dina handapeun tangkal muncang!" jawab Otih.
"Sugan pareng...!" tembal barudak lalaki meh bareng. (*)
Akub Sumarna