Reog Perlu Dirumat
Kasenian reog kiwari matak prihatin, sabab ayeuna mah beunang dibilang ku ramo jumlahna pakumpulan reog. Beda jeung kayaan dina taun limapuluhan anu meh saban kacamatan atawa saban desa ngabogaan grup reog. Siga anu kaalaman ku nu nulis, di Tasikmalaya aya grup reog "Atun", di Ciamis grup reog "Apay" anu kawilang dipikaresep pisan waktu harita. Saban-saban aya nu kariaan teh sok aya wae makalangan, boh reog "Atun" atawa reog "Apay".
Seni reog teh ciri kesenian kabudayaan Sunda tulen, ngan kadieunakeun aya parobahan-parobahan dina pakeanana nu asalna mah dalangna sok make bendo, anu sejenna sok marake iket, bajuna baju kampret, tapi ayeuna mah henteu salawasna luyu jeung nu sok diparidangkeun di taun limapuluhan, sok aya wae nu dikopeah atawa ditopi. Tapi ari dina ciri mandiri eusi pidanganana mah sarua wae, kayaning penerangan, pepeling - boh nu sipatna sindir sampir atawa kritik - teu tinggaleun unsur hiburanana.
Dihandap ieu dicutat sabagean rumpaka mangrupa sisindiran nu biasa dipidangkeun dina seni reog.
Oyong-oyong bangkong, kong parakan nyambut
Hayu batur gotong royong, ulah sok kalahka ribut
Buten buah beunying, nyingsatkeun cawene
Budak nyangnyang nyingnying, noelan ka indung tere
Neang nu ngajuru, rungkad sajajagat
Hayu batur sing bersatu, sangkan raharja masarakat
Gatrik tumpak muding, dingkleung ka landeuhkeun
Leuwih alus mun berunding, batan nyieun kaririweuh
Lagu-lagu nu biasa digunakeunana bebas, bisa ku lagu lagu "Jaer", "Sorban Palid", naon wae nu karasana ngeunaheun, prung wae dikawihkeun atawa ditembangkeun eta sisindiran teh.
Lumayan sabrang salayan, asup ka cabe mah henteu
Lumayan tamba lumayan, asup ka hade mah henteu.
Entjim Supardi