Suling Si Ujang

Reg Si Ujang ngarandeg hareupeun kios Mang Udin, hareupeun Terminal Wanayasa. Capa-cipi kana tonggongna. Ceg nyokot suling anu diselapkeun kana bagian tukang calanana. Tongkatna disarandekeun kana awakna. Tulat-tulit niup suling nyusurup wirahma. Gelik ngalagu. "Karunya, aduh-aduh karunya, hayang ngapung ngawang-ngawang teu boga jangjang." Nu ngadengekeun milu nuturkeun dina jero hatena.

Suling Si Ujang

"Salagu deui, Jang!" ceuk Si Darto, supir mobil Sagalaherang.

Teu talangke Si Ujang niup deui sulingna. "Somse Eneng mani somse sombong sekali." Nu nalangkring di teras kios Mang Udin saregep ngadengekeun. Malah nu tadina jauh oge, nyalampeurkeun, lolobana supir jeung kenek. Rengse lagu "Somse".

"Deui Jang, tapi lagu dangdut," ceuk Si Eden, lembing di dinya. Tulit-tulit. "Di dalam buku harian, tut-tut tulit-tut." Nu nanggap mimiti edeg. Si Ujang anteng niup suling, laguna "Dana Asmara". Si Eden nyokot sapu nyere ti pipir kios Mang Udin, dikeprak-keprak. Si Darto nakolan dreum sapotong wadah runtah. Si Uyo nabeuh tabeng mobil Sagalaherang nu keur ngetem hareupeun kios. Rengse lagu "Dana Asmara".

"Teruskeun, Jang!" ceuk Si Uyo ngagorowok. "Keun lah ku aing ditambahan cepe."

Si Ujang niup deui sulingna. Gelik lagu "Hitam di Atas Putih". Mimitina aya nu joged. Ditema ku lagu "Saputangan Merah". Beuki maraceuh, areak-eakan, galumbira. Nu milu aub beuki loba. Hiburan murah meriah. Naek deui kana lagu "RT 5 RW 3".

Lagu can tutug, kapegat prus-pris. Sungsong ngeupeulan Si Ujang. Saratus-saratus, aya kana lima ratusna. Breg hujan, buriak nu keur ngadangdut teh bubar.

-=oOo=-

Kiciprit-kiciprit aya nu kikicipritan ka kios Mang Udin, karek turun tina mobil nu ti Purwakarta.

"Mulih ti mana, Neng? Mani huhujanan atuh," Mang Udin nanya ka nu anyar datang.

"Wangsul ti Purwakarta, Mang," tembalna. "Puguh hilap teu ngabantun payung."

Si Ujang nu keur ngiuhan di teras kios, neges-neges sora awewe nu anyar datang. Saha? Asa kungsi ngadenge, tapi poho deui.

"Di lebet atuh!"

"Mangga."

"Hujan di lebak, Neng?"

"Rupina mah, da tadi teh tos angkeub. Abdi mah kahujanan teh di Ranca Darah."

Si Ujang ngadedempes, nangkeup harigu bari ngadedengekeun nu gunem catur. Saha nya?

"Bilih bade mulih mah, angge we atuh payung nu Emang."

"Muhun atuh upami teu dianggo mah."

"Lah, na dianggo naon. Da aya dua ieuh di dieu mah," ceuk Mang Udin bari ngaleos ka tukang, rek nyokot payung. Ke, asa-asa ieu teh, Si Ujang panasaran.

"Eh, geuning aya Kang Ujang? Nuju naon di dieu?"

Lakadalah, geuning wawuheun ka aing, nyebut Akang deuih. Si Ujang kaget.

"Ah, henteu, Neng," tembalna ukur kitu. Ngaenengkeun nurutan Mang Udin.

"Mangga ieu Neng," ceuk Mang Udin, nyodorkeun payung.

"Aduh, kalah ngarerepot we nya ieu teh."

"Ah, henteu Neng, ngarerepot naon barina ge," ceuk Mang Udin. "Geuning ayeuna mah katingalna teh aya bae di dieu, nuju libur?"

"Ari Emang, apan abdi teh tos ngalih ayeuna mah, ngajar di Purwakarta." Bray muka payung.

"Baruk Neng Tatin teh tos ngalih?"

"Muhun, tos bade saminggu."

"Nuhun we atuh, nyaketan sepuh ayeuna mah panginten nya. Cep Iwan mah di Bandung we nya?"

"Muhun, sareng Kang Herman."

Neng Tatin? Cep Iwan? Kang Herman? Neng Tatin lanceukna Cep Iwan adina Cep Herman. Moal salah putra Pa Kohar. Neng Tatin putrana Pa Kohar. Enya, apan bareto teh sakola di Bandung, cekel gawe di Bandung. Ayeuna mah geus pindah ka Purwakarta cenah gawena teh. Didugdag bae ti dieu meureun. Geus saminggu cenah. Tapi na bet kakara panggih? Pikiran Si Ujang noroweco sorangan.

"Mangga atuh, Mang, wios engke panginten miwarangan barudak ngawangsulkeun payungna."

"Mangga Neng, enjing deui ge teu sawios-wios atuh."

Kukucuprakan nincak cileuncang. Karek ge tilu lengkah Neng Tatin ngarandeg hareupeun Si Ujang.

"Kang Ujang bade mulih ayeuna? Urang sareng we yu sareng abdi!"

Lenyap teh, hate Si Ujang ngalenyap. Kakara ge nyieuhkeun kahayangna, hayang diajak balik bareng, da imah Si Ujang teh kaliwatan ku Neng Tatin. Teu nyangka bakal jadi kanyataan.

"Ah, wios Neng, mangga we ti payun!"

"Lain wios-wios Sujang, meungpeung aya batur, apan sok laeueur jalan ka kaler teh ari hujan mah," ceuk Mang Udin. "Dasar bodo maneh mah Sujang. Batur mah parebut hayang sapayung jeung nu geulis teh!"

Neng Tatin mesem, Si Ujang balaham-belehem.

-=oOo=-

Poe pasar, teu wudu mucekil oge beubeunangan ngamen teh. Si Ujang diuk dina teras warung Mang Udin. Ngelepus udud, sulingna ditunda dina lahunan.

"Jang, urang ngadangdut deui, ah!"

"Cape ayeuna mah, isuk deui we lah."

"Beda euy ari boga Neng Tatin mah, poho kana nyuling teh. Tong sieun Jang, dibayar ku aing ge!" ceuk Si Darto.

"Lain kitu, To, cape urang teh, geus nyuling di pasar, teuing sabaraha puluh lagu atuh."

Si Ujang pada ngagonjak pedah kamari sapayung jeung Neng Tatin. Si Ujang cungar-cengir, jajauheun kana ambek. Nepi ka balikna. Si Ujang deuih, kawas ngahaja nu ngajalanan sangkan terus digonjak.

Si Ujang balik. Leumpang utag-atog. Jalan jeung barang-barang ukur katembong belegbegna. Make tongkat, sapatu botna semu digusur. Suling nogel dina tonggongna, diselapkeun kana bagian tukang calanana.

Di jalan mudun lebah imah Pa Lili, Si Ujang mapay sisi. Leumpang bari muntangan kana pager, sieun labuh. Jalanna leueur, tadi ge isuk-isuk, lebah dieu teh ditungtun ku Mang Andi nu rek ka pasar.

"Kang Ujang, kade geubis, laleueur!"

Gebeg. Neng Tatin. Si Ujang seuri, ngalieuk ka lebah datangna sora, ngabelegbeg jangkung leutik. Gep leungeun Si Ujang dicekel ku Neng Tatin, terus ditungtun. Leumpang ati-ati.

"Mulih ti mana Kang Ujang teh?"

"Eheh, ti pasar."

"Na da abdi ge liren teh di pasar, geuning teu pendak?"

"Eheh, da tadi."

Jep deui. Si Ujang noroweco saorangan na jero hatena. Bongan hayang galecok ngobrol hese kedal. Hayang ngadengekeun halimpuna sora Neng Tatin. Nu kamari ge masih keneh dedengeeun, da terus ngagalindeng dina hatena. Nu kamari ge masih keneh karasa haneutna dampal leungeun Neng Tatin, da terus nyimbutan hatena. Nu kamari ge masih keneh karasa lemesna kulit Neng Tatin, da terus nyayang dina hatena. Nu kamari ge masih keneh kaambeu seungitna awak Neng Tatin, da terus nyaliara dina hatena. Ayeuna dipindo deui.

-=oOo=-

"Katenjona teh balik bareng deui jeung Neng Tatin, Ujang?" indungna nanya.

"Enya, panggih di hareupeun imah Pa Lili."

"Neng Tatin mah kayungyun, keur geulis teh darehdeh deuih. Someah. Ka saha-saha teh teu weleh imut jeung sopan. Tara gudag-gideug cakueum haseum. Abong nu berpendidikan nya, Ujang."

"Enya."

Indungna, terus muji-muji Neng Tatin. Si Ujang anteng neruskeun hanca sapeupeuting, nginget-nginget beungeut Neng Tatin. Geulis cenah, bodas cenah. Ngala ka indung? Da teu bodas Bu Kohar mah.

Apal Neng Tatin teh bareto, keur leutik. Si Ujang sok ulin bareng jeung lanceukna, Cep Herman, da sakelas. Harita manehna oge masih keneh belejag. Masih keneh bisa ningali, panonna masih keneh normal. Samemeh gering panas mulan-malen, samemeh diopnameu di Bayu Asih. Cenah manehna kungsi dibawa ka kamar mati sagala, da geus taya harepan. Tapi bisa cageur. Ngan panonna teu nempo, aya lamad anu ngahalangan. Ti harita, sakolana ge karek kelas tilu SD, Si Ujang ukur bisa nenjo belegbegna hiji barang. Sakolana teu laju. Ayeuna kudu nginget-nginget deui beungeut awewe nu harita budak keneh, sakola ge acan. Poek.

Indungna masih keneh nyaritakeun kaalusan Neng Tatin.

"Ma!"

"Naon, Jang?"

"Ah, henteu ketang."

"Teu puguh maneh mah!"

-=oOo=-

Isukna, Si Ujang ngadangdut deui jeung barudak terminal di hareupeun kios Mang Udin. Tadi isuk, Neng Tatin ka Bandung cenah ceuk si Eden mah. Rek ka lanceukna meureun, aya uruseun, pikir Si Ujang. Nu ngadangdut rame, areak-eakan. Teuing geus sabaraha lagu, Si Ujang teu katembong cape niup sulingna. Lagu dangdut, lagu Sunda. Bari nyuling, bari ngadangdut, bari aya nu didagoan. Tapi weleh, nepi ka balikna, nu dianti-anti teh teu datang. Meuting meureun di Bandungna.

Isukna deui, Si Ujang geus mangkal di hareupeun kios Mang Udin. Ngadangdut deui. Beuki rame. Da ayeuna mah dibarung ku hitar jeung tamtam. Si Ujang sumanget nyulingna. Nu menta lagu naon bae oge, asal dangdut jeung Sunda, teu dipersabenan. Bari ngadagoan nu kamari teu datang.

Keur meujeuhna rame ngadangdut, celengkeung Si Darto.

"Jang, Neng Tatin!"

Plong, hatena asa ngemplong.

"Jeung saha nya?" Ceuk Si Darto deui.

"Kabogohna, urang Purwakarta. Nu matak pindah oge gawena, cenah mah rek ditanyaan pageto," ceuk Mang Udin.

Gedug aya nu neumbrag kana hate Si Ujang. Baruk kabogohna? Baruk rek ditanyaan? Baruk? Neng Tatin, teungteuingeun...

"Nu baleg atuh Jang nyulingna!" Si Ade nu ngahitar ngagebes.

"Heueuh lah sok ayeuna mah." Jung Si Ujang nangtung. Gelik nyuling, laguna "Pagar Makan Tanaman". Genjreng hitar, dang-dang-dut kendang. Si Ujang joged. Nu ngadangdut, nu narempokeun, kabawa sumanget. Beuki lila Si Ujang beuki mijah. Teu nolih ka nu narempokeun, teu nolih kana itu-ieu. Neng Tatin jeung kabogohna, ukur melong. Mesem. Duaan pagegeye ka kalerkeun. Si Ujang beuki motah, beuki motah, beuki motah, beuki mijah. Lagu demi lagu ngagelik tina sulingna.

Keur rame-rame, ujug-ujug reg Si Ujang eureun.

"Ku naon, Jang?"

Teu nembal. Galeong-galeong, bru rubuh.

"Mijah teuing atuda!"

Pahibut. Si Ujang pada mayang ka imahna.

-=oOo=-

Geus dua poe Si Ujang nombrona. Ukur asup cai.

"Ujang, geura cageur atuh. Lah, aing mah ku aya-aya bae. Bapa maneh deuih geus dua minggu teu balik-balik," ceuk indungna.

Ras Si Ujang inget ka bapana anu keur kull nembok di Jakarta. Nepi ka kudu kitu. Cenah beak naon beak naonna teh basa manehna gerlng. Sawah, tanah, harta banda sejenna taya nu nyesa, dipake waragad tatamba manehna. Can kagantian nepi ka ayeuna.

"Geus Ujang, ceuk Ema ge ulah ngamen deui. Da najan maneh teu kitu oge, moal burung kaparaban ku Ema jeung Bapa teh."

Si Ujang teu nembal. Enya, kolotna mah nyaram manehna ngamen teh. Tapi, manehna keukeuh. Embung hirup ngan jadi kabeungbeurat kolot bae. Hayang bisa usaha sorangan. Bisana ngan ukur nyuling. Da suling apan sobatna anu satia teh, satia marengan dina kaayaan kumaha bae.

"Ari suling mana, Ma?"

"Aya suling mah, diteundeun na lomari ku Ema. Dahar heula Jang ambeh tereh cageur. Tah, aya pangirim ti Pa Kohar."

"Pa Kohar?"

"Enya, apan Neng Tatin teh aya nu nanyaan, bieu. Lah, Ujang, resep Pa Kohar mah boga minantu teh. Keur kasep teh jeneng deuih. Nurub cupu jeung Neng Tatin mah. Eta we Ujang, karek nanyaan oge mani geus bro-broan."

Si Ujang ngabetem.

"Sok geura dahar heula, Jang!" ceuk indungna bari ka dapur.

Si Ujang ngaheneng, panonna beueus. Sangu jeung rupa-rupa deungeunna pangirim ti Pa Kohar di gigireunana. Si Ujang ngahuleng, leng-leng ngahuleng.

"Ma!"

"Naon, Jang?" ceuk indungna, norojol ti dapur.

"Iraha cenah kawinna teh?"

"Saha? Neng Tatin?"

"Enya." Manehna mah teu wasa nyebut ngaranna ge.

"Bulan hareup. Naon kltu?"

"Ah, henteu, hayang mangnyulingkeun we," omong Si Ujang dareuda. (*)


Galura, Minggu 1 Desember 1991

Suling Si Ujang Suling Si Ujang Reviewed by Rupa Sundapura on 16.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.