Sagala Oge Barobah

Robahna kahirupan teh teu salawasna karasa ku nu keur ngalaman mah. Dina sapoe-sapoena biasa bae, asa angger. Dalah awak sorangan oge asa angger. Nyaho-nyaho geus kolot bae. Rupa jeung adegan jadi robah. Kitu meureun, dalah dikumaha. Bisa-bisa kajongjonan, da rarasaan mah karek sakeudeung kumelendang teh.

Ngawuluku

Ayana robahan dina hiji perkara mawa ka nu sejenna, milu robah. Rambat kamalena kana kahirupan anu leuwih lega. Arek nyokot conto tina kahirupan tatanen.

Kuring hirup di lembur ti mangsa lahir tepi ka tamat sakola rakyat, SD mun ayeuna mah. Tamat SD teh taun 1952. Nuluykeun sakola pindah ka kota kabupaten tuluy ka sakola propinsi. Tah, jaman di SD nepi ka tamat SLTA (1958) masih nyaksian jalma anu magawe sawah make wuluku jeung garu, ditarik ku munding sarakit, tegesna ku munding sapasang.

Kuring mah nyaho kana wuluku jeung garu katut bagian-bagianna teh tina kanyataan bae, lain tina pangajaran di sakola. Nyaho kana naon anu disebut sawed, upamana, jadi ngarti kana wanci pecat sawed, nya eta wanci munding tea dilesotkeun tina sawed, migawe enggeusan, kira tabuh salapan isuk-isuk. Ngagawekeun munding teh puguh waktuna tara dibetak nepi ka panas poe. Kagiatan nyawah make wuluku atawa garu ngagelarkeun kawih, da kapan anu keur migawe teh osok ngahaleuang. Kitu deui aya kekecapan anu angger paragi marentah munding.

Ayeuna geus aya traktor, boh anu digerakkeun ku mesin, boh anu disurung ku jelema. Atuh prak-prakan ngolah sawah oge jadi barobah. Tara aya haleuangna tukang traktor mah. Paling-paling nyetel lagu tina radio transistor anu ditunda dina galeng. Anu milu robah teh perkara ingon-ingon deuih, nya eta ngukut munding katut ngurusna, kayaning ngangon, ngamandian, ngarit, maraban, ngandangkeun, jadi leungit. Kekecapan jeung istilah anu patali jeung eta oge laun-laun kapopohokeun, tuluyna mah leungit, da kapan tara kapake.

Prak-prakan dibuat oge robah. Bareto mah ngala pare teh ku etem. Ranggeuyan pare dipunggelan hiji-hiji. Biasana awewe anu dibuat teh, tapis pisan ngagunakeun etemna. Meureun ceuk jaman ayeuna mah leukleuk temen, anu matak dibuatna oge kiwari mah make arit. Bareto mah pare teh tara diarit. Nu diarit mah bangsaning jujukutan, saperti jukut keur parab munding atawa domba.

Pare beunang dibuat teh bareto mah dieundankeun, dipoe oge eundanan bae, dijebrag. Engkena tetep bae dibeungkeutan, disebutna dipangkek, nyaeta pare nu geus garing meunang moe tea ditalian sapuna saeundan-saeundan. Ti dinya dua eundan dibeungkeut dihijikeun, jadi sageugeus. Tah, peta kitu teh ayeuna mah henteu kalampahan deui, da kapan pare beunang ngarit teh tuluy digebot sina murag tina sapuna. Anu dipoe teh bangsalna, ayeuna mah nyebutna oge ku kecap basa Indonesia, gabah, cenah. Jadi, kagiatan mangkek jeung ngageugeus oge leungit. Kitu deui upacara ngakut pare, komo make rengkong sagala rupa mah, geus arang langka pisan, mun teu disebut geus euweuh oge.

Nutu deuih anu geus leungit teh, diganti ku ngahuler. Parabot nutu kayaning lisung, halu, nyiru, jubleg, geus ampir leungit. Lisung kaleungitan guna, henteu dipake. Seni tutunggulan oge leungit. Kuring mah keur budak masih ngadenge dikieuna, di lembur osok aya tutunggulan, di tempat anu arek kariaan, upamana rek ngawinkeun, meureun itung-itung ngabewarakeun. Ayeuna mah paling-paling di panggung, dina seni pintonan osok aya para mojang anu ngagondang. Lisung kari ruruntukna, dikumpulkeun tuluy dijual. Di sisi jalan ti Cianjur ka Bogor keun, geuning, aya lisung dijagragkeun, jualeun meureun.

Eta sakadar conto bae ayana robahan dina kahirupan sapopoe anu kaalaman ku kuring salila kurang leuwih satengah abad. Teu karasa dina prosesna mah, nyaho-nyaho ayeuna wuluku, garu, etem, lisung, jeung sapapadana geus henteu dipake deui. Ku barudak anu henteu ngalaman prosesna mah meureun henteu dipikanyaho, da kapan anu nyampak ayeuna mah traktor jeung huler bae. Teu nyarahoeun yen bareto mah parabot tatanen teh lain eta, kitu deui tata carana lain cara ayeuna.

Lain dina widang tatanen wungkul kajadian barobah teh, kum bae dina sagala rupa hal dina kahirupan. Masarakat jeung budaya urang teh barobah. (*)


Yus Rusyana

Sagala Oge Barobah Sagala Oge Barobah Reviewed by Rupa Sundapura on 12.05 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.