Dalang Dumang
Harita, meunang ondangan ti Ki Dumang, "Datang ka imah nya, urang deuk nyunatan, budak urang hayang dipangwayangkeun, ah urang we nu ngadalangna mah," pokna basa patepang di Fakultas Sastra Unpad.
Ki Dumang (karyawan di Fakultas Sastra Unpad), dalang ngora wedalan Cikuda teh lain dalang jore-jore. Sahanteuna kungsi nyangking pinunjul kadua basa binojakrama padalangan di Sumedang.
Enya we basa malem Salasa tanggal 7 Pebruari 2005 di kampung Margalaksana-Cikuda Jatinangor, ti kajauhan ge geus kadangu hawar-hawar sora nu tatalu. Nalika anjog di buruan imahna geus nyampak panggung katut gamelan sapuratina.
Tong dibandingkeun jeung acara-acara kasenian di dayeuh Bandung, nu mindeng dipagelarkeun di gedong kasenian atawa di kampus paguron luhur. Panggung wayang Ki Dumang mah teu ieuh tohaga. Lah, cukup ditiungan ku terpal urut. Panggung teh diadegkeun di buruan imahna turta rada meped ka susukan. Sound jeung spiker ukur alakadarna. Tong ngarep-ngarep pajabat mere "sambutan".
Teu, teu RT-RT acan, sumawonna pajabat kacamatan atawa pajabat kasenian. Ukur bapana Ki Dumang ku anjeun (sarua sok ngadalang) nu mere pangbagea keur nu hajat.
Tong waka ngareunteut hate Ki Dulur! Panggung alakadarna, grup wayang jeung dalang can kawentar, turta ti pajabat teu meunang pangbagea nu daria, tapi teu ieuh ngurangan sumangetna.
Enya sumanget nanjeurkeun ajen-inajen kasundaan. Enya ge nu lalajo teh teu ear kawas nu biasa kasaksen nalika dalang Asep manggung. Atuh da boro-boro wawaran atawa publikasi jeung informasi keur balarea nu biasa diembarkeun dina sawatara media. Tapi pagelaran di Cikuda mah najan teu kitu ge dangiangna mah bener-bener karasa.
Eta we najan ti magrib keneh geus ngecrek, ih da nu niat deuk lalajo teh teu ieuh ingkah, nganti-nganti Ki Dumang metakeun kabisana. Maju ka peuting, nu lalajo teh beuki anteng bae ngabandungan Ki Dumang ngawayang. Tug dugi ka lekasan nu haladir teh ukur saurang dua urang nu ngolesed ninggalkeun pintonan.
Aya kacapangan, kasundaan hususna pawayangan identik jeung entragan kolot. Tapi harita mah eta hipotesis teh teu metu.
Minangka buktina, loba pamuda nu jol ti kampung Cikuda, Jatiroke, jeung kampung Narongtong ngahajakeun nongton Ki Dalang mintonkeun kaparigelanana. Dalah Ibu-ibu jeung bebenyit ge rea nu haladir nyakseni Ki Dalang mintonkeun pangartina. Kantenan para sepuh mah bangun pogot pisan ngabandungan Ki Dalang medar carita "Bangbang Jatilana."
Teuing naon alesanana pintonan wayang harita mah asa karasa dangiang Sundana teh? Eta kitu pedah Ki Dalangna asli pribumi? Ah, asa kaleuleuwihi. Pedah urang Jatinangor jeung sabudeureunana geus bosen kitu nyakseni acara-acara tivi nu kitu-kitu bae, laju milih nongton Ki Dumang ngawayang? Teu ngabibisani. Atawa pintonan wayang Ki Dumang mah teu kaancloman ku rupaning "kapentingan"? Duka teh teuing.
Basa ditanya ku naon toh-tohan daek ngawayang, bari waragad meunang sorangan, taya nu nyeponsoran? Ki Dumang teu ngawaler. Laju ditanya deui, kapan nyewa sound, gamelan, muruhan nayaga, sinden jeung sapuratina jumlah-jamleh pasti leuwih ti dalapanjuta, ari gajih anjeun mun dikumpulkeun jero sataun ge moal leuwih ti sakitu lin? Ki Dumang tetep ngabetem. Na teu ngarasa rugi kitu? Ki Dumang angger nagen.
Tapi sanggeus disaleukseuk mah antukna Ki Dumang teh balaka. "Kuring ngagelar wayang lantaran kuring nyaah ka Sunda". Ngan sakitu-kituna. (*)
Djasepudin