Ka Ondangan
Di pipir imah Roesdi ngagoendoek sababaraha tanggoengan soeloeh. Tjaoe asak ngagantoeng sababaraha toeroej.
"Bapa! Tjaoe djeung soeloeh keur ka mana eta teh, rea-rea teuing?" tjeuk Roesdi.
"Kapan keur njamboengan ka djoeragan Tjamat, rek kariaan njepitan poetrana. Na sia teu njaho? Bapa djeung Ĕma isoekan rek ka ondangan ka katjamatan," tembal bapana. "Sia djeung si Misnĕm mah tjaritjing bae di imah, oelah mariloe da djaoeh."
"Wah, teu oemoem bae baroedak ditinggalkeun di imah!" omong indoeng Roesdi.
Si Roesdi atoheun pisan ngadenge omong indoengna kitoe.
Isoekna djĕlĕma-djĕlĕma noe pinanggoengeun keur njamboengan tea geus ngagimboeng di pipir. Aja noe nanggoeng soeloeh, nanggoeng tjaoe, nanggoeng soemboel, nanggoeng daoen, djeung doea tiloe noe noengtoen ĕmbe. Barang geus sadia, broel aleutan tanggoengan tea diiringkeun koe Roesdi, toempak koeda ngadoea djeung bapana. Si Misnĕm djeung indoengna ditandoe.
Kira-kira wantji bedoeg aleutan bapa Roesdi nĕpi ka katja-katja Katjamatan. Di dinja Roesdi katjida pisan kageteunana nendjo jalma ratoes-ratoes, balawiri ka dieu ka ditoe. Babakoena noe keur arakoet-akoet djeung baleberes di balandongan.
Roesdi djeung Misnĕm silih toel, sagala ditoendjoek, sagala ditanjakeun ka bapana. Roepa-roepana saoemoer kakara nendjo noe araneh-aneh soemawonna barang nĕpi ka pipir balandongan mah, beuki roendag-randeg bae leumpangna. Matana baroedak teu ngitjeup-ngitjeup.
Indoeng bapa Roesdi toeloej ngahatoerkeun panjamboenganana ka djoeragan istri. Sanggeus disoegoehan dahar leueut, toeloej aroendjoekan, rek mihapekeun heula baroedak ka pondokna. Barang datang ka pamondokan, Roesdi nanja ka bapana, "Bapa, keur naon saoeng noe gede tadi teh, naha dibalaan koe daoen tjaringin?"
Tembal bapana, "Eta ngaranna balandongan, kapan keur ĕngke sore rek pesta di dinja. Hajoe, ĕngke oerang laladjo djeung si Misnĕm ka ditoe, nja! Tapi ajeuna tjaritjing bae didieu, toeh aroelin djeung baroedak. Bapa djeung Ĕma rek digawe heula di katjamatan." (*)