Pahlawan Mo Kabeurangan

Fiksi Mini Basa Sunda

Rebun-rebun keneh, manehna geus saged dangdan. Salat subuh ngahaja teu ka masigit, da sieun kapandeurian meunang nomer jang antrian. Memeh jung indit, sareret, manehna neuteup potret heubeul nu ngagantung dina dingding: sapuluh nonoman gagah nyalagrang pakarang perang, 63 taun ka tukang.

Teu jauh kantor Taspen teh. Teu sakilo-kilo acan. Ngan nyaeta, dina saban tanggal gajihan, pangsiunan veteran mah sok datang paisuk-isuk. Sok sanajan kantorna mah dibuka jam dalapanan.

Sajajalan, katingali leumpangna ingked-ingkedan. Ngalengkah semu nu rusuh. Muru waktu, rek ngantri nasib merangan hirup jaman kiwari. (*)


Irvan Mulyadie
Pahlawan Mo Kabeurangan Pahlawan Mo Kabeurangan Reviewed by Rupa Sundapura on 21.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.